You are on page 1of 4

Buron

Sikep idalis Andika, ngabalukarkeun manhna


kadungsang-dungsang nyingkahan sagala hal anu
patukang tonggong jeung prinsip hirupna.
Sumirah (Umi), pamajikanana jadi kababawa balangsak.
Cintana anu pangger, mawa dirina ngalalana (nepi ka
disangka jadi jalma glo), kana dunya anu tacan pernah
kasungsi sammhna.
Cinta nu sajati, pamadegan nu pageuh, didoja ku
geleberna dunya jeung rembetna leuweung kahirupan.
Daun garing rabeng kaanginkeun, ngarangrangan
minuhan taneuh handapeunana. Urut katarajang halodo
panjang, dangdaunan, tatangkalan taya nu manggapulia.
Iwal tangkal cau, nu daunna angger hjo th.
Sabubuhan manuk nu keur areunteup dina rgang
tangkal, hiber ninggalkeun rgang tempat tadi maranhna
eunteup, basa aya batu nu nnggor dahanna.
Sakali deui kadng sora batu nnggor tangkal. Geuwat
ngelok ka tukangeun dapuran daun baluntas. Tangtu aya
barudak mana aya sora tangkal dibaldog og. Tina selasela daun, katnjo barudak keur maldogan ka luhur.
Horng aya langlayangan ku batu, meureun batan
beunang mah anggur rangsak.
Nu glo! Nu glo! Gorowokna bari terus lalumpatan. Atuh
ngan bereyek w batur-baturna nyampeurkeun tempat
panyumputan kuting. Geus kapalang katohyan, kuring ka
luar ti tempat panyumputan. Beletak aya pangpung
dibaldogkeun kana tarang kuring.
Umi, itu wartawan, itu wartawan! ck nu pendk. Kuring
seuri. Geus jadi kacapangan, kuring sieun ku wartawan
th. Saenyana lain sieun, ngan kuring sok tugenah lamun
ditanya ku wartawan th. Bongan maranhna tara
ngarasakeun kana nasib nu keur tumiba kana awak.
Maranhna ngan hayang ngali kahirupan batur, pikeun
kapentingan koranna, pikeun kapentingan maranhanana.
Di sagigireun ta, kahariwang katohyan saha ari kuring
sabenerna, ngalantarankeun jadi sieun tepung jeung
wartawan. Ku ayana kajadian gunung bitu th, ka lembur

jadi loba wartawan nu ngalampreng. Keur manhna,


ayeuna di lembur leubeut ku bja, picaritaeun ka balara.
Sok sanajan teu karampaeun meureun ka maranhna
mah, yn nu diajak carita th keur meujeuhna aya dina
samagaha pikir.
Umi itu wartawan! Itu wartawan! ck maranhna.
Nu glo! Nu glo!
Ieu hayang cau, Umi!
Nu glo! Nu glo!
Beuki angot salusurakananana th, da nnjo kuring
bangun nu sieuneun ku maranhna. Ck pikiran kudu
lumpat th ka tukangeun dapuran cau, ngarah teu kaudag
ku maranhna. Di dinya mah tempat th nyingkur, moal
pati kasaba ku barudak bangor.
Mmh tepi ka tempat nu dimaksud, kuring ngadng nu
ngagoak. Dilieuk th, budak lalaki umur sapuluhtaunan,
labuh. Geuwat diburu, nu sjn buriak lalumpatan.
Manhna bangun sieuneun, tapi dk lumpat teu bisaeun,
sabab sukuna kacugak beling.
Moal kasp, moal nanaon, ck kuring.
Nu glo! Ulah, ulah! ck manhna
Moal, kasp, uarng laan geura, bageur, belingna urang
cabut, ngarah damang.
Lila-lila mah bakat ku nyeri meureun, manhna cicing.
Beling th teu wudu nyugakna rada jero. Beling hjo,
kawas peupeusan botol, nilik warnana mah. Nnjo
kaayaan raheutna, kuring teu sanggup kudu muka di dieu
mah. Inget kudu diberesihan ku cihaneut, jeung di imah
rarasaan aya knh pereban.
Regeyeng budak dipangku, manhna teu ngalawan da
bangun geus teu walakaya. Basa ku kuring diteuteup, bet
srngh seuri.
Saha jenenganana? ck kuirng.
Alan, tmbalna.
Budak th henteu babarian, basa dicabut belingna g ukur
muringis, teusing ceurik. Rngs dicabut, geuwat urut
raheutna dikumbah ku cai haneut tina trmos, kakara
diobat beureuman. Reketek wa dibeungkeut ku pereban
anyar. Manhna olohok nnjo paparabotan urut ngubaran
bieu.
Geuning, Umi kagungan nu kieu? cenah, bari cengkat
diuk, ngalunjarkeun suku ayeuna mah.

Kuring ukur imut. Alan g tangtu sarua jeung nu sjn


nyangka kuring th glo. Padahal kuring mah teu singna
kitu. Pereban, kapas, obat beureum jeung tnsoplas th
dipupusti pisan lantaran remen dibaraldogan ku barudak.
lain sakali dua kali tarang raheut dibaldog ku batu. Lain
sakali dua kali deuih pamaldog th keuna kana tuur
atawa kana tonggong.
Eueut heula, Kasp, ck kuring.
Bi Umi di dieu sareng saha? Manhna nanya deui,
sanggeus sawatara jongjonan ngahuleng neuteup ka
kuring. Kuh mari beunang meuli tilu siki, dibikeun ka Alan
hiji. Mimitina mah bangun nu asa-asa rk ngadahar th.
Meureun nnjo patempatan sakitu rarujitna. Tapi lila-lila
mah dakkeun og. Kuh mari th didahar babarengan
jeung kuring.
Alan tos sakoa? ck kuirng.
Atos, tmbalna.
Kelas sabaraha?
Kelas lima.
Bi Umi kapungkur ti mana? Kawas nnjo kuring
ngahuleng wa, manhna nnjo deui. Hat beuki bungah
nnjo Alan ayeuna mah beuki wani wa. Manhna turun ti
enggon, terus leumpang, najan ingked-ingkedan g
ngadeukeutan buyung di juru.
Ieu wadah naon? pokna.
Cai, tmbal kuring.
Paragi ngaleueut, paragi nyangu, ck kuirng deui.
Sok nyangu?
Kantenan.
Manhna nnjo koran satumpuk dina luhur lomari leutik,
ck kuring lomari soth, saenyana mah ukur peti urut
wadah sabun, nu ditangtungkeun, dijieun lomari. Koran
th dicokot nu pangluhurna.
Bi Umi naha mak disebat nu glo? ck Alan.
Duka.
Naha bet duka?
Da teu terang.
Umi, buka! Umi, buka! ck sora ti luar.
Kuring neuteup ka Alan. Mun kongang mah hayang
nyarita, yn kuring th lain nu glo, pangnepikeun ka
masarakat di dinya. Hayang dipangbjakeun ku Alan, yn
kuring th jelema ka lunta-lunta, teu puguh jugjugeun, teu

puguh ka mana nya kudu indit. Tapi naha kira-kirana


budak saged Alan, tur anyar pinanggih bakal dakkeun
nulungan? Komo mak kudu ngajelaskeun saha kuring nu
saenyana mah? Tapi lamun henteu kitu hs deui kapan
ngajak cacarita ka jelema th. Kapan sakitu ceuceubna
masarakat di dinya ka diri kuring th?
Umi laan tulak!
Alan ngalieuk ka sorangan, bari manhna terus leumpang
ingkud muru panto. Barang bray g muka, jol gabrug wa
alan aya nu ngarangkul. Ari kuring terus murungkut.
Dokter kasp ngora knh, tangtu ieu bapana Alan th.
Bisa soth terus neguh, manhna dokter, lantaran mak
pakan bodas, tur beungeutna sarimbang jeung Alan.
Nuhun Nyi Umi, parantos nulungan pun anak, ck
dokter.
Awak kuring ngadgdg ngadng ta kecap ditujukeun
ka kuirng. Nuhun? Enya nuhun, cenah Umi, ka manh. Ka
kuring? Enya ka manh, Umi. Geuning di dunya th aya
knh jelema luhung budi, nu dak ngajnan kana
kahadan budi manusa sjn, bari henteu nnjo kaayaan
lahiriah atawa kalungguhanana. Geuning jolna th bet ti
jelema anu luhur kuta ged dunya, jelema pangkat tur
pinter. Pajar cenah jelema-jelema kitu mah sok gared
hulu, kanyataannana bet jelema kitu anu dak ngajnan
perasaan kuring.
Ieu sakadar kanggo jajan, ck manhna.
Nuhun, Bi Umi, ck dokter th, bari angger nyelapkeun
duit kana dampal leungeun. Bangun hayangeun knh
cacarita dokter th ka kuirng. Tapi kalah dipangaruhan ku
jelema sakitu lobana, dokter kasp th ngalos.

You might also like