You are on page 1of 1

AQIDATULAWAM

1. Ngawit abdi ku nyebat Allah nu welas . Nu miasih nu ihsana teras lawas


2. Sugri puji ka Allah nu khodim awal .. Nu akhir teu ruksak teu robah tur kekal
3. Lajeung rohmat salam Allah salamina Ka Nabi nu pangsaena tauhid na
4. Kawargina ka sohabat kanu tumut .. Kana jalan agama haq teu ngabeulut
5. Sanggeus kitu sing nyaho yen wajib nyaho ..Rong puluh sifat wajib Allah tong poho
6. Allah aya tipayun taya wiwitan . Langgeung teu ruksak ka mahluk nyulayaan
7. Sugih ti mahluk nu Esa nu Jumeneng Nu kawasa nu kersa nu maha terang
8. Nu ngadangu nu ningali nu ngadawuh Tambih sifat maani nu nyusun tujuh
9. Kawasa kersa ngadangu tur ningali Jumeneng terang ngadawuh heunteu lali
10. Wenang ku kurniana tur kaadilan Tinggal kabeh mungkin kawas midameulan
11.
12.
13.
14.
15.

Ngutus para Nabi palinter balener . Ngadugikeun amanah tara jalingeur


Sifat jalma wenang dihaq na ambiya Nu teu ngurangan lir sakit teu bahaya
Nabi wajib karaksa lir malaikah . Malah ngarunggulan para malaikah
Nu mustahil mah lawan sifat nu wajib .. Jumlah lima puluh pek talar pan wajib
Deui dua lima Nabi nu wincik . Wajib nyaho mukalaf talar sing telik

16. Hiji Adam, Idris, Nuh, Hud nu kaopat . Soleh, Ibrohim sadayana di taat
17. Luth, Ismail salapan Ishaq teu benteun Yaqub, Yusuf, Ayub nu taat teu kinteun
18. Syueb, Harun, Musa, Yasa ka geneplas .. Dzulkifli, Daud tur Sulaiman nu ikhlas
19. Ilyas, Yunus tur Zakaria, Yahya .. Isa nu akhir Toha tong sulaya
20. Muga rohmat salam Allah ka ambiya .. Kawargina salagina dinten aya
21.
22.
23.
24.
25.

Malah mah hamba teu rama teu ibuan .. Tara tuang leueut tara ka kuleuman
Sapuluh rincian na kahiji Jibril . Mikail, Isrofil ka opat Azroil
Munkar, Nakir lajeung Roqib nu katujuh .. Atid, Malik sapuluh Ridwan nu patuh
Opat induk kitab nu rincian nana Hiji Taurot turun ka Musa lungsurna
Dua Zabur ka Daud, Injil lungsurna Ka Isa Furqon ka mahluk pangsaena

26. Tambih suhud Nabi Kholil, Nabi Kolim .. Pinuh ku dawuh nu maha hakim alim
27. Sakur syareat nu dicandak ku Rosul . Mestina pasrah tarima tong matanghul
28. Iman urang kana poe akhir wajib .. Jeung sakur kajadianana nu ajib
29. Akhirna rek nutur sesana nu wajib Ka mukalaf ti saantero nu wajib
30. Nabi urang Muhammad nu janten Rosul . Ka alamin janten rohmat nu pinunjul
31. Ramana Abdullah ti Abdul Mutholib Ti Hasyim ti Abdu Manaf nasab karib
32. Ibuna Aminah bangsa Juhriyah . Lajeung nginang ka Halimah Sadiyah
33. Lahir di Mekah nagri nu amankeun . Wafat di Toyibah kota nu dicaangkeun
34. Waktos nampi wahyu cacap opat puluh Yuswa Nabi langkung tina genep puluh
35. Tujuh pala putra Nabi nu tiluan Pameugeut tah kitu hasil pamahaman
36. Qosim nu kahiji, kadua Abdullah .. Nu kadua ku Toyib Tohir katelah
37. Tilu sayid Ibrohim ti hiji istri . Ku mariyah hadiah ti raja Kibti
38. Sajabi Ibrohim, Khodijah ibuna Nyeta nu genep sing rakeut sadayana
39. Opat putri Nabi nu bade ditutur .. Ridho Gusti ka sadayana ka catur
40. Fatimah nu suci garwa Iman Ali Nu dua putrana Shibtu nu ungguli

You might also like