You are on page 1of 1

PANGWANOH

Assalamualaikum !
Sampurasun Dulur !
Bismillah mangrupa pangbuka catur, nyuhunkeun ridha ka gusti hyang widi sing di singlar tina
kalelepatan kaluluputan bahasa duduga peryoga anu ngajadikeun matak kana kasentugna
mamanahan pamirsa sadayana, isin izin amit nu miskin ku elmu anu rumasa teu aya pangaboga
kupangabisa ngawanikeun maneh muka iyeu lembaran anu sederhana pinuh ku kasalahan tapi
insyaallah jembar ku niat hade jeung gede rasa hayang ngamajukeun tanah kalahiran sunda ,
surade ngaranna.
simkuring teu weudeu-weudeu nyuprih atikan jeung pangajaran ti sadayana khususna ti sepuhsepuh anu tos seueur pangalaman jembar wawasanna kangge kamajengan diri sim abdi dina nulis
atanapi dina ngawanohkeun intina daerah surade, anu memang teacan seueur tulisan sapertos
kiyeu dina alam maya ( internet ).
ngawanohkeun nami sim abdi nami anu di waris ku ibu rama insyaallah nami anu pinuh ku doa
nyatana Dandi Fazri Lembur matuh banjar karang pamidangan di Kp. Cimaja Desa Pasiripis
Kec. Surade Kab. Sukabumi, ngawitan wanoh kana internet sa prak sakola di SMK Bina Bangsa
Surade. hobi curat coret ti saprak bisa ngutekkeun patlot jaman alit nugi ka ayeuna, sim abdi
hoyong pisan naon anu di utekkeun teh anu di coretkeun teh hyong aya manfaatna sareng
faedahna kangge sadayana umumna khususna oge kangge abde salaku penulis.
sakilas ngawanohkeun surade, Surade nyaeta hiji daerah sisi kidul pulo jawa anu masih ka
wengku ka wewengkon Kabupaten Sukabumi, wewengkon anu hejo ngaplak pasawahan,
lembur-lembur anu pating alampar wahangan pating arelok pamay pasir anu bras na ka laut
kidul.
alam surade masih kasebat alam anu masih asri , leuweung anu masih keneh sanget, wahangan
anu acan kajamah, laut anu tacan aya nu nyusur. mung eta oge aya sababaraha wilayah beh
tengah anu beres kajamah ku kamoderennan anu beres maju dina usaha sareng kahirupan tapi
seuseueurnamah masih keneh kampung bau lisung angang ka dulang.
wirehna sim abdi moal tiasa panjang lebar dina bubuka, insyaallah upami aya izin ti gusti di
lajeungkeun bahasan inti iye blog dina materi anu salajengna !!
wassalamualaikum WR. WB
permios !!

You might also like