You are on page 1of 1

DONGENG SUNDA FABEL

SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan.


Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu
lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta
masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang
Bagong ceurik. Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus
kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak
kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur
pelem.
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus
ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan
jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha
akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng
mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?
Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon
pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: Euh gampang
atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang
neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung.
Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku
Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak
kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk
teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha,
ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua
anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus
ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. Mana anak sampean teh,
Sakadang Bagong? cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti
dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka
andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge
ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu
ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb,
gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak
teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna
baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna
naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak
ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna
nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina.
Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun
Sakadang Bagong.

You might also like