You are on page 1of 3

AQIDUL IMAN

Ari aqoidul iman


Lima puluh kayakinan
Kanyahokeun sing enyaan
Mun ngaku jalma beriman
Nu dua puluh sifat na
Wajib aya di Allah na

Dua puluh nu muhal na


Nu jadi lalawanana
Sifat nu zaid na hiji
Jumlah opat puluh hiji
Hak Allah nu maha suci
Teras na di tambah dei

Opat nu wajib di rusul


Opat nu muhal di rusul
Nu zaid na hiji wungkul
Jumlah salapan nu nyusul

Jadi opat puluh huji


Tambah salapan berarti
Jumlah lima puluh pasti
Pek sebutan hiji hiji
Wujud Qidam Baqo
Mukholafatul lil hawadisi
Qiyamuhu dinafsihi
Wahdaniyat Qudrat Irodat

Ilmu Hayat Sama


Basor Kalam Qodiron Muridan
Haliman Hayyan Samian Basiron Mutakaliman

Aya heubeul lannggeng


Beda jeung kabeh nu anyar
Jumeneng kalawan zat na hiji Allah dina zat na
Hiji na sifat na hiji padameulanana

Kawasa keursa uninga Allah nu hirup na


Ngadangu nu ningali sasauran bukti kawasa
Bukti Allah kersa uninga Allah nu hirup na
Bukti nu ngadangu nu ningali nu dadauh
jadi sadayana nu wajib na dua puluh

Adam hudus fana mumasalan lilhawadis


Ihtiad taadud azuz wakarohah
Jahal maot somam umyung bukmun kaonuhu azizan
Karihan jahilan mayitan asom ama akam

Euweuh anyar ruksak sarupa reujeung anu anyar


Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun
Bimbilangan zat na sifatna sareng damel na
Apes kapaksa maot torek lolong na

Pireu bukti Allah anu apes anu kapaksa


Anu bodo maot torek lolong jeung pireu na
Wenang di Allah na midamel barang nu mungkin
Taya anu wajib midamel barang nu mungkin

Sidik amanah tablig patonah


Kijib hiyanat kitman biladah
Bener kapaercaya ngadugikeun reujeung pinten
Bohong cidra jeung nyumput keun tur bodona

Wenang di rusul na
sifat manuasia biasa
kaya tuang leueut
angkat kulem sajabana

You might also like