You are on page 1of 9

(FABEL)

WAWALES KA NU TELENGES

Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling
teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban.
Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari
balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab
cenah geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip.
Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina
sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si beurit kaburu
kabur.
Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus
panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.
Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti harita
alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap
nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si
monyong.
Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-
alap tehteu ka luar deui.
Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku
alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun
meuntas.
Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun nana.
Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah
sampean mah ngareureuwas!” .
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu
tehwayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah
beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong
nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh.
Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun
kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur.
Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong
beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.
Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit. Ti dinya
bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di
bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun deui.
Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus
kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.
Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber
beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang.
Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe harita
alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku
bangkong hejo.
PARABEL
Budak Pahatu :: Dongeng

Budak pahatu lalis téh awéwé jeung lalaki. Cikalna lalaki kira umur lima taun, adina awéwé kira
umur opat taun. Saditinggalkeun ku kolotna, ieu budak dua téh éstu cukleuk leuweung cukleuk
lamping, jauh ka sintung kalapa. Lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa.

“Beuleum hui téh aya kénéh Akang?” ceuk adina nu geus lapareun.

“Geus béak nyai, beuleum hui na tadi béak. Urang ka legok wé yu nyai urang ngala buah
harendong atawa kupa jeung dukuh keur ubar lapar mah, da akang ogé sok di bawa ka legok ku
bapa almarhum, harita kupa jeung dukuh téh keur baruahan,” ceuk lanceukna.

Si Nyai diajak ngala kupa kulanceukna téh mani giak naker. Ku lanceukna dituntun ka legok nu
harieum ku tatangkalan. Sabab da tara kasaba ku jalma.

Bener wé buah kupa téh geus arasak mani meuhpeuy harideung. Di handapeun tangkalna mayak
urut bajing jeung kalong. Si Ujang nérékél naék tangkal kupa. Ari si Nyai adina nungguan
handapeunana dina kebon eurih nu busik. Si Nyai sina diuk dina catang bari sakapeung
mulungan kupa nu murag. Sabot si Ujang lanceukna naékan tangkal kupa téa, teu nyahoeun yén
nu didiukan ku Si Nyai disangka catang téh sabenerna oray bungka keur numpi. Oray rék megar
gedéna sagedé tangkal jambé. Ku si Ujang ogé teu kacirieun da puguh atoh teuing nempo buah
kupa nu sakitu harideungna.

Taksiran ngambeu hanyir jelema, oray bungka nu reék megar téh ngulisik. Gewewek dampal
suku si Nyai téh digégél. Puguh wé si Nyai reuwaseun. Kaliwat reuwas jeung sieun Si Nyai teu
bisa ngejat. Iwal sasambat ka lanceukna.

“Kang tulungan kang tulungan aya nu gagarayaman kana suku jeung ngégélan,” ceuk si Nyai.

“Usap wé usap sireum meureun, ké akang kagok ieu mani arasak kieu,” ceuk lanceukna bari
jongjon metik kupa.

Oray bungka téh neureuyna beuki luhur nu antukna nepi kana sirah si Nyai da unggal sasambat
ménta tulung ku lanceukna ukur sina diusap.

“Kang tulungan kang tulungan ieu abdi dilegleg oray…” lep Si Nyai diteureuy buleud. Wekasan
nepi ka hanteuna Si Nyai dilegleg oray. Oray ngaléor ngagorobas ka kebon eurih.
Barang geus réngsé kantongna pinuh ku kupa, lanceukna turun. Barang rét ka handap ngagebeg
sababa Si Nyai geus euweuh. Catang nu didiukanana geus pindah ngaléor ka kebon eurih.

“Wah palangsiang, Si Nyai téh dilegleg oray. Nyaiii.. Nyaiii..” ceuk lanceukna gura-gero, tapi
lebeng Si Nyai teu némbalan.

Barang srog ka lebah oray téa, manéhna ngagebeg sabab tétéla adina aya dina beuteung oray.
Kaciri dina beuteung oray nu ngalungsar kamerekaan téh melendung.

“Emh deudeuh nyai, bet jadi kieu akang hirup nyorangan, pan ieu kupa téh keur nyai,” ceuk
lanceukna. Manéhna kacida bingungna hirup nyorangan bari adina teuing kumaha nasibna.
Manéhna ukur bisa ceurik bari bru nambru dina kebon eurih sisi oray nu gulang-guling.

“Keur kitu manuk pacikrak gegeleberan bari disada, cuklik..cuklik.. turih ku pucuk eurih, cuklik..
cuklik… turih ku pucuk eurih.”

Ngadéngé manuk disada kitu asa dibéjaan. Si Ujang metik pucuk eurih tilu lambar tuluy
dibesétkeun kana beuteung oray. Boréngkal hadéna téh di Nyai masih kénéh hirup. Tapi leuleus.

Ningali adina hirup kénéh ngan leuleus Si Ujang ngala daun jati terus digeberan. Nyah si Nyai
beunta ngan nging ceurik kareureuwasan.

Sanggeus jagjag deui si Nyai dibawa balik. Tina ladang kupa jeung dukuh nu saban poé dialaan
eta budak pahatu lalis téh bisa hirup turta jagjag. Isuk jaganing géto éta dua budak téh dirawatan
ku tukang nyadap kawung. Lahangna dijieun gula. Gulana diiderkeun ku Si Ujang.***
DONGENG MITE
NYI RORO KIDUL

Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awewe, anu kacida geulisna tur kasaktiannana ge taya nu
nandingan. Ngan hanjakalna, eta awewe teh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana
maraot dina peutingan pangantenan. Cenah mah, dipaehan ku sabangsa oray nu kaluar tina
larangan Nyi Putri.
Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy bae
ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna. Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina puasa tur
tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina larangan
pamajikannana.
Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeung pamajikan teh
regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray teh bisa karebut ku salakina.
Ceuk sakaol, keris Nagasastra teh mibanda sifat jahat. Sing saha bae nu ngabogaan eta keris, eta
jalma ngagem elmu sasar, nu teu luyu jeung papagon agama.
Sanggeus eta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag nepi
ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut.
Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu narima eleh, kalah kabur ka
tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut
Nyi Putri katelah Nyi Roo Kidul.
Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goreng adatna tur
kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih.

Cek sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu menang make baju rupana
beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedena. Lian ti eta, nu datang ka Laut Kidul
ulah mawa peso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gede, sabab ku cara
kitu ge, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana.

Sabab ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu
pang punjulna sa jagat raya.
DONGENG LEGENDA
SANGKURIANG

Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat ngaranna dayang sumbi. Dayang
sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna sangkuriang.
Sangkuriang kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu
ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing eta titisan dewa nu
mangrupakeun bapana sangkuriang.
Tina hiji poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha kunaon pas sangkuriang
nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si tumang embungen nuturkeun kahayang
sangkuriang, nah akhirna si tumang diusir ka jero hutan ku sangkuriang.
Sa entos sangkuriang balik deui ka istana, sangkuriang nyaritakeun kajadian eta ka indungna
nyaeta dayang sumbi.
Ngadenge carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna dayang sumbi nakol
sirahna si sangkuriang make sendok sangu anu keur di cekelna nepi ka aya urutna.
Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara ninggakeun istana karajaan na.
Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel ka anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.
Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji wangsa, dewa-dewa
masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet ngora jeung kageulisan anu abadi.
Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun balik dei ka istana. Sa
entos nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan eta teh tos beda pisan.
Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain padahal mah
indungna.
Ningali tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamarna. Sabalikna oge,
sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyien dayang sumbi oge reseupen ka pamuda
eta teh.
Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di leweng. Sangkuriang
menta dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu ditalian dina sirahna.
Dayang sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah sangkuriang nu arek jadi calon
suamina eta teh.
Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang sumbi merhatikeun
terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna nu mangkat harita.
Dayang sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal keun perkawinan
eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda eta, nyaeta:

Ka hiji, dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai citarum, kadua na, dayang sumbi
hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai citarum.
Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina peting eta keneh,
sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta.
Sangkuriang mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan
ngawujudkeun dua syarat eta.
Dayang sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna ampir beres di
lakukeun.
Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge mulai marentahkeun pasukan nana pikeun
ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota timur, sa olah-olah okos panon poe
nu karak bijil.
Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai bijil. Sangkuriang
akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua
syarat eta.
Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos di jienna, teu lila jadi
banjir gede jeung nendang sampan parahu nu tos dijienna.
Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu ayena disebut "gunung
tangkuban parahu."
Dongeng Sage : Babad Sukamulya-Kuningan

Sateuacana taun 1740, aya hiji lembur katelah Cantilan, kalebet wilayah pamaréntahan dayeuh

Cigadung. Cantilan ngagaduhan kahoyong ngatur pamaréntahan sorangan. Alesanana élmu-élmu

anu dipiboga ku tokoh-tokoh masarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga ku urang

Cantilan.

Dina hiji waktu aya kajadian:

Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-tokoh Cantilan.

Kusabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robah wujudna

janten sadaya aratah deui, ku tina saktina tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago robah

jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui, komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi

aratah deui.

Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh ti Cantilan ngahadiranana teh mawa lisung ahéng

anu teu asup akal. Kaahéngan éta lisung téh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh

nu badé ngahadiran hajatan, éta lisung teh haluna diaradu nepikeun ka patingburicak

ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan téh mani ribut tingkocéak sarieuneun kahuruan.

Tah kitu geuning kasaktén karuhun baheula mah meni arahéng.

Sabalikna ti éta, basa di Cantilan aya hajatan, tokoh anu ti dayeuh diondang ogé. Béwara

ondangan nepi ka 3 kali tacan datang kénéh baé. Kusabab urang Cantilan keuheuleun nu

diondang teu datang baé, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara maranéhna

daratang.

Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang némbongkeun élmu anu dipibogana.

Waktos tamu masih di perjalanan kénéh, pribumi meuncit munding. Waktos para ondangan
daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula di balandongan. Nembé

ogé para tamu caralik dadak sakala éta munding téh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu

nuju caralik. Geus pasti nimbulkeun kaributan jeung papaséaan. Nu ngabalukarkeun éta

kampung jadi panas. Ti harita kampung éta katelah jadi kampung Cipanas.

Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina janten “Sukamulya”.

You might also like