You are on page 1of 6

KAULINAN BARUDAK

Disusun Oleh:
Nida Khansa Zain Alifah
Kelas:
7.A
Kaulinan barudak teh mangrupa kamonesan anu mindeng dilakukeun
ku barudak dina mangsa keur rineh.Aya kaulinan barudak anu bias
dilakukeun ku sorangan,aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan,aya oge
kaulinan anu kudu dilakukeun ku lobaan.diantarana aya:

1.Oray-Orayan

'Oray'-orayan nyaéta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék


ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel
heula taktak.[1] Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung
saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray
bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur
jaga jadi guha nepi kaasup salah saurang budak tuluy dititah milih rék
kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék
milih kelompok nua ka dua guha ka kénca
2.Bebentengan

Bébénténgan nyaéta kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun


(ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu.
3.Gatrik

Gatrik mangrupa kaulinan barudak lalaki anu mikabutuh tempat anu


lega,lantaran biasana dilakukeun ku lobaan.Gatrik ngagunakeun alat
anu di jieunna tina awi dua teukteuk;sateukteuk awi anu
pondok,sateukteuk deui awi anu panjang.
4.Beklen

Sanggeus prosés kahiji nepi ka prosés ka ditangkubkeunana kewuk nepi


ka 10, naspélna téh kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu
kabéh. Geus kitu ditangkub-tangkubkeun, dirawu deui. Geus kabéh
karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur
bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun dina
dampal leungeun nyésa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap
deui.
5.Congklak

Congklak atawa daku nyaéta kaulinan maké papan kai atawa palastik,
nu panjanngna kurang leuwih 40cm, lebarna kurang leuwih 15 cm,
luhurna maké logak sababaraha hiji. Unggal logak dieusian kewuk, siki
salak, siki asem atawa batu leutik.

You might also like